Sabtu, 29 Mei 2010

MAKHLUK ANU MIKIR


Manusa diciptakeun ku Alloh Swt. jadi makhluk anu pang sampurna na, sabab di bere akal  pikeun ngabedakeun mana anu salah jeung mana anu bener. Kuayana akal eta manusa boga potensi pikeun migawe kahadean jeung kagorengan. Hadena manusa bisa ngaleuwihan kahedeanana malaikat, jeung sabalikna lamun manusa kucluk bisa atawa bakal ngaleuwihan ti sato.
Manusa mun geus migawe kahadean henteu ngan saukur ka Alloh Swt. wungkul, tapi direalisasikeun dina kahirupan sapopoena ku mikanyaah manusa sejena. Manusa mun geus kucluk pasti leuwih ti sato conto leutikna sato mah mun maok tea mah ngan saukur dauna wungkul, jeung teunyaho halal haramna saha nu bogana nu penting mah nyatu. Tapi manusa mun geus maling henteu ngan saukur dauna, tangkalna oge dirarad majarkeun teh keur suluh, puguhning beutina mah dijieun aneka kadaharan.
Manusa dibere akal teh nu utamana mah nyaeta pikeun “mikir”, maka manusa eta disebut Ulul Albab nyaeta jalma anu mikir. Nya mikiran naon? Nyaeta mikiran kana ciptaan Alloh swt.. sapagodos pidawuh Alloh Swt. dina al-Quran surat Ali-Imran ayat: 190 nu hartosna:
“Saenyana dina penciptaan langit jeung bumi, jeung silih bergantina beurang jeung peuting miboga tanda pikeun jalma anu berakal.”    
Tina ayat nu bieu di pertegas deui ku ayat anu saterusnas
“(Nyaeta) jalma anu inget ka Alloh sabari ngadeg atawa diuk, atawa dina kaayaan ngagoler jeung maranehna mikiran kana penciotaan langit jeung bumi (sabari nyarita): “Duh Gusti Pangeran Abdi sadaya, teu aya Anjeun nyiptakeun ieu anu sia-sia. Maha Suci Anjeun, sareng jauhkeun abdi sadaya tina siksa seuneu naraka.”
Poko tina ayat nu bieu nyaeta “inget jeung mikir”, inget ka saha? Pastina inget ka Alloh Swt. nu salah sahijina migawe sholat anu lima waktu dina sapoe-sapeutingna. Ari mikir, atuh mikiran naon? Nyaeta mikiran kana ciptaana-Na termasuk mikiran diri sorangan. Urang teh diciptakeun ku saha, nya naon wae urang di alam dunya ieu teh, dek balik-balik kamana, jeung dek mawa bekel naon?.
Eta tugas urang teh, urang teh kidu mikanyaho kana diri urang sorangan. Sabab urang moal nyaho kanu nyiptakeun urang lamun urang teu nyaho kana diri soranga.
Sing saha jalma  anu geus mikanyaho kana dirina, maka manehna bakal mikanyaho kanu nyiptakeunana.
Taliktik diri ti kiwari kotektak awak ti ayeuna aya naon jeung aya saha.
Mung sakitu, mudah-mudahan aya manfaatna pikeun urang sadaya. Amieeen.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar